Antukna
mah ngaguarkeun kasono. Ngémut mangsa katukang, ngamit lampah nu ngalangkang.
Nyérélékkeun kabungah, meureun. Ruang-riung sagara jalma mintonkeun pameunteu diri.
Udar-ider teu pararuguh, ngigelkeun panyawangan, ngahudangkeun panineungan. “Har
geningan baheula téh di dieu kungsi kieu, di belah ditu osok kikituan. Naha bet
ayeuna mah jadi kieu?”
Balaka,
Bandung asa pulasara mangsa. Unggal juru neundeun carita. Estuning nu ijidna
atawa ogé nu hadéna. Tangkuban Parahu mucunghul rata, Manglayang nanjung
kacida. Sérédét hate asa kasebét. Uninga baréto sok uncag-incig ti wétan ka
kulon, ti girang ka hilir, néangan pibéwaraeun atawa saukur ulin ngajajapkeun
kahayang jeung nyimpaikeun kawawuh, boh ka dulur ogé ka batur nu jadi duduluran.
Sigana
moal béak mudalkeun kasono di Bandung. “Dikantun montél katineung, paanggang
muntang kamelang,” ceuk Doel Sumbang mah.
|
kota sagala aya |
|
kanyaah ngalayah |
|
tong kurung batokeun |
|
resep ruang-riung |
|
gemah ripah tur marirah |
|
sumirat maratan jagat |
Tidak ada komentar:
Posting Komentar