Pages

Senin, 20 Februari 2012

JATINANGOR

1)   
Awis tepang;
Mungguh dawuh iuh gunung/ Munggah warah ka Manglayang;
Jajap raga ka jatina/ Mulih sukma ka astina;

Indit kana pangharepan/ Sugih asih ku kinanti;
Nangkub cukang bati heula/ Cingcin banda nu niskala;
Geugeut pageuh ku kaasri/ Medal mukti unggal wanci;
Manglayang ngalayah gagah/ Gunung Geulis imutna manis;
Di lamping, eurih ngawiji/ Di pasir, jukut ku awut;
Pamugi jalma niis ku dua/ yen Hyang Widi nunda sawarga.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar